Pupuh Sekar Ageung (KSAD)

Assalamualaikum … Wr Wb

Kecap gurit asal tina basa Sangsekerta grath anu hartina nyusun karangan, dina basa Sunda aya istilah ngagurit atawa ngadangding, ari hartina sarua bae nyaeta nuduhkeun pagawean ngareka atawa nyusun karangan winangun dangding. Nurutkeun wincikanana dangding atawa pupuh teh aya tujuh welas, nu masing-masing ngabogaan watek nu beda beda. Istilahna:

– Pada

– Padalisan

– Guru Wilangan ( jumlah engang dina unggal padalisan )

– Guru Lagu (dangdingdungna sora vokal dina engang panungtung)

Conto :

Eling eling mangka eling ( 8 engang – vokal ‘i’ )

• E/ling/e/ling/mang/ka/e/ling (= guru wilangan 8 )

‘eling’ panungtung vokalna i (= guru lagu i)

Pupuh sadayana aya 17 dibagi ku dua bagian nyaeta sekar ageung jeung sekar alit, nu ka lebet sekar ageung nyaeta: Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (KSAD), sakantunna nu 13 lebet kana sekar alit … numutkeun guru abdi waktos SD ( Bu Wiwi Widaretna) kapungkur abdi sakola di SDN Bandung Kulon VI,waktos harita kapala sakolana Rd Yuhyi, abdi diajar pupuh kls 3 SD  … Nineung … 🙂

Urang pedar ayeuna, tapi tong waka sadayana saheula anan urang medar sekar ageung nyaeta KSAD (Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula) …

Kinanti

Watekna miharep atawa prihatin. Unggal Pada diwangun ku genep padalisan.

Contona:

Kembang ros ku matak lucu ( 8 – u )

Nya alus rupa nya seungit ( 8 – i )

Henteu aya papadana ( 8 – a )

Ratuning kembang sajati ( 8 – i )

Papaes di patamanan ( 8 – a )

Seungit manis ngadalingding ( 8 – i )

Budak leutik bisa ngapung ( 8 – u )

Babaku ngapungna peuting ( 8 – i )

Nguriling kakalayangan ( 8 – a )

Neangan nu amis amis ( 8 – i )

Sarupaning bungbuahan ( 8 – a )

Naon bae nu kapanggih ( 8 – i )

Sinom

Watekna gumbira. Unggal Pada diwangun ku salapan padalisan.

Contona:

Di wetan fajar balebat ( 8 – a )

Panon poe arek bijil ( 8 – i )

Sinarna ruhay burahay ( 8 – a )

Kingkilaban beureum kuning ( 8 – i )

Campur wungu saeutik ( 7 – i )

Kaselapan semu biru ( 8 – u )

Tanda Batara Surya ( 7 – a )

Bade lumungsur ka bumi ( 8 – a )

Murub mubyar langit sarwa hurung herang ( 12 – a )

Mapag balebat ti wetan ( 8 – a )

Ngabring leumpang ngagaridig ( 8 – i )

Barudak rek sarakola ( 8 – a )

Kapireng pating hariring ( 8 – i )

Paheula heula nepi ( 7 – i )

Unggal isuk geus ngabaku ( 8 – u )

Bari garogonjakan ( 7 – a )

Estuning saruka ati ( 8 – a )

Sarerea hayang geura dialajar ( 12 – a )

Asmarandana

Watekna silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan. Unggal Pada diwangun ku tujuh padalisan. Contona:

Eling eling mangka eling ( 8 – i )

Rumingkang di bumi alam ( 8 – a )

Darma wawayangan bae ( 8 – e )

Raga taya pangawasa ( 8 – a )

Lamun kasasar lampah ( 7 – a )

Nafsu nu matak kaduhung ( 8 – u )

Badan anu katempuhan ( 8 – a )

Mun ujang nyiar pangarti ( 8 – i )

Terus sakola ka kota ( 8 – a )

Sing jadi murid rancage ( 8 – e )

Bener pinter bari sehat ( 8 – a )

Mikaheman sasama ( 7 – a )

Asih kanu jadi guru ( 8 – u )

Gaganti ema jeung bapa ( 8 – a )

Dangdanggula

Watekna bungah atawa agung. Unggal pada diwangun ku sapuluh padalisan. Contona:

Laut Kidul kabeh katingali ( 10-i )

Ngembat paul kawas dina gambar ( 10-a )

Ari ret ka tebeh kaler ( 8-e )

Batawi ngarunggunuk ( 7 – u )

Lautna mah teu katingali ( 9 – i )

Ukur lebah lebahna ( 7 – a )

Semu semu biru ( 6 – u )

Ari ret ka tebeh wetan ( 8 – a )

Gunung gede jiga nu ngajakan balik ( 12 – i )

Meh bae kapiuhan ( 7 – a )

Pasosore nyawang bandung asri ( 10-i )

Basa kuring ulin ka isola ( 10-a )

Ti dieu ti belah kaler ( 8-e )

Tembong di lingkung gunung ( 7 – u )

Kota kembang bangun nu sepi ( 9 – i )

Beut teu kapireung sora ( 7 – a )

Da geus puguh jauh ( 6 – u )

Langitna kacida lenglang ( 8 – a )

Estu taya mega bodas aling aling( 12 – i )

Sore ieu bengras pisan ( 7 – a )

Etang-etang pangemut-ngemut mangsa abdi di SD bandung Kulon VI … Mugi-mugi ageung manfaatna … 🙂

Satu Tanggapan

  1. makasih

Tinggalkan komentar