Manuk Dadali (Sunda / Jawa Barat)

Mesat ngapung luhur jauh di awang awang
Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
Kukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk

Saha anu bisa nyusul kana tandangna
gandang jeung pertentang taya bandingannana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan ka sieun leber wawanenna

Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia jaya
Manuk dadali pangkakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna

Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis belapati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sukamna bangsa di nagara Indonesia

Tinggalkan komentar