Paparikan

Paparikan téh mangrupa salah sahiji wangun Sisindiran (ti sagédéngeun Rarakitan jeung Wawangsalan). Paparikan asalna tina kecap “parik” atawa “parek” anu hartina “deukeut” atawa “caket”. Pangna disebut kitu, lantaran dina Paparikan téh aya sora anu padeukeut nyatana antara sora dina cangkang jeung dina eusi.

Ditilik tina wangunna, sapada (sagunduk) Paparikan téh diwangun ku opat padalisan (jajaran). Unggal padalisan diwangun ku dalapan engang (suku kata/vokal). Padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang (sampiran), sedengkeun padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusi (isi). Antara cangkang jeung eusi téh teu aya hubungan(harti) nanaon, iwal ku padeukeutna sora téa (murwakanti).

Lianti miwatek Piwuruk, Paparikan ogé aya anu watekna “silihasih” atawa “birahi”,“sésébréd” atawa “banyol” (heureuy), jeung aya deui anu “cawokah” malah“jorang”, sarta aya ogé anu watekna “resmi” atawa “dines” nyaéta anu ilahar dipake pikeun bubuka jeung panutup (pangpangna dina pagelaran jeung dina biantara-biantara).

Conto Paparikan …

Baju kutud heureut pola

dikelin teu dijalujur

Mun teu cucud ti sakola

arisin balik ka lembur

Barangbang dahan kalapa

malang dina jalan suni

Sanajan nu indung bapa

omat ulah wani-wani

Hayam jago eukeur béla

dipeuncitna ku ki santri

Kudu getol ka sakola

sangkan beunghar ku pangarti

Jiga naon lauk enun

matak jadi kahéranan

Mun manéh cucud jeung junun

insya Alloh tinekanan

Kanikir siki kanikir

cangkudu beunang panimu

Kapikir beuki kapikir

hirup kudu loba élmu

Sumber : Kalangsunda.net

3 Tanggapan

  1. sae pisan contona ,,, ka anggo ku abdi ,,, nuhun pisan nya ,,,,, ^_^

  2. bagus gw ajah sampai ngedownload ^-^

  3. haded lah

Tinggalkan komentar