Assalamualaikum … Wr Wb
Waraas emut mangsa katukang … jaman harita …, kamari jeung mangkukna beda jeung mangsa ayeuna …
DUH INDUNG
(Cipt. Mang Koko)
Duh Indung, ngaraksa ngajaring anak
Najan rungsing matak pusing
Heunteu weleh deudeuh mikanyaah, asih
Dimongmong jeung dititimang
Duh Indung, ngaping ngadama-dama anak
Ngamumule buah hate
Ngajungjung tur ngugung-ngugung
Anak dijieun puputon
Duh, Indung, Duh Indung
Timang titi ngamongmong anak
Duh, Indung, Duh Indung
Teu kendat ngadudu’a
Duh, Indung mun peuting ngajempling nyaring
Mun beurang lewang hariwang
Keukeuh heunteu jongjon ku puputon, gawe
Ngahehegar ngalelenjar
Duh, Indung peuting hariringan, nyaring
Lain hariring birahi
Ngeyong mepende puputon
Sieun anak heunteu tibra
Néléngnéngkung
Néléngnéngkung- néléngnéngkung
Geura gede geura jangkung
Geura sakola ka Bandung
Geura makayakeun indung
Néléngnéngkung- néléngnéngkung
Geura gede geura jangkung
Geura bisa talang tulung
Ka bapa reujeung ka indung
Néléngnéngkung- néléngnéngkung
Geura gede geura jangkung
Geura sakola sing jucung
Manggih kapusing tong bingung
Néléngnéngkung- néléngnéngkung
Geura gede geura jangkung
Nagara kudu dijungjung
Dihormat dipunjung-punjung
Nilingningnang-nilingningnang
Ulah waka senang-senang
Diajar ulah kapalang
Kabéh sualan sing beunang
Ku indung dipunjung-punjung
Ku bapa didama-dama
Reup deungdeung talaga tisuk
Reup sakeudeung nepi ka isuk …
EUIS
Euis ieu dangukeun heula (lalaki)
Pihatur naon anu diseja (awewe)
Hayu urang kakawihan (lalaki)
Kawih pangdugining ati (awewe)
Euis ke antosan heula (lalaki)
Aeh aeh saha eta (awewe)
Abdi sobat nu baheula (lalaki
Euleuh euleuh saur saur saha (awewe)
Euis teuing ku lucuna (lalaki)
Idih idih pariparibasa (awewe)
Estu ku matak kayungyun (lalaki)
Ah pameget eta mah biasa (awewe)
Ema, Apa ieu geura
Euis… (lalaki)
Sok aya jajaka
Nu ngangken tresna
Ku ngararewa
Aduh Euis aduh aduh
Estu ku seueur gogoda
Euis …
Nu jangkung jalmina
Kandel kumisna
Sesah hilapna
Sesah hilapna …
Teungteuingeun
Teungteuingeun kunaon ngantunkeun abdi
Teungteuingeun naon kalepatan diri
Unggal dinten henteu weleh ngantosan
Mugi sing enggal mulih deui
Siang wengi hate abdi teh bimbang
Emut ka panutan anu ilang
Abdi sono tos lami teu patepang
Mugi sing enggal mulih deui
Emut keur urang kapungkur
Keur sareng sahuap lingkung
Sakitu geuning layeutna
Nyaah teu aya papadana
Bajing Luncat
Madenda
Bajing luncat bajing luncat ka astana ieung…
Abdi lepat narosan teu ti anggalna
Bajing luncat bajing luncat ka astana ieung…
Abdi lepat narosan teu ti anggalna
Ku teu sangka salira bet luas pisan
Teu hawatos kanu tetep ngantos ngantos
Api-api teu emut kana pasisni
Pasini pakait ati duh pakait ati
Bajing luncat bajing luncat ka asatana aduh…
Abdi lepat narosan teu ti anggalna
Bajing luncat bajing luncat ka astana aduh..
Abdi lepat narosan teu ti anggalna
Bubuy Bulan
Madenda
Bubuy bulan…
Bubuy bulan sangray bentang
Panon poe panon poe disasate
Unggal bulan unggal bulan abdi teang
Unggal poe unggal poe oge hade
Situ ciburuy laukna hese dipancing
Nyeredet hate ningali ngeplak caina
Duh eta saha nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate ningali sorot socana
Balik deui
Bubuy bulan…bubuy bulan…
Panon Hideung
Panon hideung
Pipi koneng
Irung mancung
Putri Bandung
Putri saha
Dimana bumina
Abdi resep ka anjeunna
Siang wengi
Kaimpi-impi
Hate abdi
Sararedih
Teu emut dahar
Teu emut nginum
Emut ka nu Geulis
Panon hideung
Hariring Kuring
Tengah peuting
Keur jemplang jempling
Kuring nyaring teu genah cicing
Hate melang sumoreang
Buah ati lawas teu patepang
Cuang cieung
Kuring sorangan
Nunggeulis di pangumbaraan
Lieuk deungeun Lieuk lain
Taya pisan geusan pamuntangan
Rek sasambat ka saha nya nyambat
Suwung dulur walurat sobat
Sangsang badan nitipkeun nya diri
Iwal ti ka Gusti yang Widi
Hiliwirkeun duh angin peuting
Pangnepikeun hariring kuring
Ka jungjunan nu ngantosan
Kawih ati nu keur rungsing pusing
Purnama nu Kungsi Nyanding
Purnama nu kungsi leungit
Ayeuna nganjang kaburuan deui
Anu kungsi kapiati
Kiwari urang ditepangkeun deui
Hariring nu kungsi nyanding
Ayeuna datang ngahaleuang deui
Hayu patarema tineung
Cacapkeun meungpeung aya kasempetan
Reff:
Ayeuna mangsa nu endah
Hayu urang suka bungah
Caang bulan opat belas
Narawangan hate bangblas
Kembang Tanjung Panineungan
Anaking jimat awaking
Basa ema mulung tanjung rebun-rebun
Di pakarangan nu remis keneh
Harita keur kakandungan ku hidep
Geus opat taun ka tukang
Ema nyipta mulung bentang
Nu marurag peuting tadi
Bentang seungit ditiiran pangangguran
Anaking jimat awaking
Basa ema mulung tanjung di buruan
Bet henteu sangka aya nu datang
Ti gunung rek ngabejakeun bapa hidep
Nu opat poe teu mulang
Ngepung gunung pageur bitis
Cenah tiwas peuting tadi
Layonna keur kadieukeun dipulangkeun
Harita waktu layonna geus datang
Ema ceurik ieung balilihan
Ras ka hidep ieung … na kandungan
Utun inji budak yatim deudeuh teuing
Harita waktu layon geus digotong
Ema inget ieung … kana tanjung
Dikalungkeun na pasaran
Kembang asih panganggeusan ieung … ti duaan
Anaking jimat awaking
Lamun ema mulung tanjung reujeung hideup
Kasuat-suat nya pipikiran
Tapina kedalna teh ku hariring
Hariring eling ku eling
Kana tanjung nu dipulung
Eeeh…..
Kembang tanjung nu nyengitan pakarangan
Nu nyeungitan hate urang panineungan
Malati di Gunung Guntur
Malati di gunung Guntur
Seungitna sungkeman ati
Bodas sesetraning rasa
Jadina dina mumunggang
Leuweung larangan
Malati di gunung Guntur
Hanjakal henteu dipetik
Beja geus aya nu boga
Ngahaja melak didinya
Para guriang
Ayeuna kuring geus jauh
Malati sosoca gunung
Boa geus aya nu metik
Duka ku saha
Kamari jol aya beja
Malati ratna mumunggang
Majar can aya nu metik
Duka kunaon
Malati di gunung Guntur
Ligar dina panineungan
Na panineungan
Na saha nu baris metik
Kuring mah da puguh jauh
Biheung kadongkang
Dikantun Tugas
Calik dina bangbarung
Bari ngahurung balung
Ningal anu ngalangkung
Hate ngan bati bingung
Emut ka sang panutan
Anu di medan perang
Lami henteu nyeratan
Ngantos di medan perang
Nanging nu geulis sadar
Sarta manahna sabar
Ikhlas rido tur rela
Jujur sarta satia
Nyanggem dina manahna
Aduh Engkang iraha
Kempel sakulawarga
Mulih ti medan laga
Abdi nu ngantos-ngantos
Mugi masihan wartos
Nanging abdi tos yakin
Engkang lanang sajati
Najan urang patebih
Langgeng tetep miasih
Sapu Nyere Pegat Simpay
Ririungan,Urang karumpul
Meungpeung deukeut Hayu urang sosonoan
Macang krama Urang ngawadul
Urang silih tempas Silih eledan
Moal lila jeung babaturan Hiji wanci anu Geus ditangtukeun
Bakal pisah Bakal pajauh Bakal mopohokeun Katineung urang
Reff
Sapu nyere pegat simpay
Bakal kasorang
Takdir ti Gusti yang Widi
Bakal kalakon
Urang rek papisah
Urang rek pajauh
Meungpeung deukeut
Hayu urang sosonoan
Balik deui ka Reff…
Dareuda
Paturay pileuleuyan-pileuleuyan
Ti ayeuna urang teh bakal paanggang
Anggang soteh ukur dina titingalan
Tebih soteh mung dina reretan
Reff : Dina manah urang teh heunteu paturay
Dina kalbu teu paanggang
Na emutan urang tetep sasarengan
Pileuleuyan-pileuleuyan
Duuh … lahir paanggang
Katresnan,
Tawis tineung anteung mayeung
Simpay tangan teu galideur
Ku paanggang
Cimata
Tandana mayeung kaheman
Dareda mah
Duuh … sora katresnan
Kembali ke Reff
Pileuleuyan
Hayu batur hayu batur
Urang kumpul sarerea
Hayu batur hayu batur
Urang sosonoan heula
Pileuleuyan pileuleuyan
Sapu nyere pegat simpay
Pileuleuyan pileuleuyan
Paturay patepang deui
Amit mundur amit mundur
Amit ka jalma nu rea
Amit mundur amit mundur
Kuring teh arek ngumbara
Pileuleuyan pileuleuyan
Sapu nyere pegat simpay
Pileuleuyan pileueluyan
Paturay patepang deui
Timpah nuhun,Samemeh ngantun …
Kana jasa ibu miwah pa guru di SDN Bandung Kulon VI
Nu parantos ngadidik abdi, diantawisna rumpaka lagu di luhur …
Catetan : Kanggo anu resep kana lagu sunda lawas mangga tiasa di download di link di handap ieu … Mugi-mugi aya manfaatna …
Ngalestarikeun seni budaya, tugas urang sadayana …
http://www.4shared.com/folder/3_2bo9Dt/Lagu_Lawas.html
Filed under: Uncategorized










hatur nuhun anu saageung-ageungna nu parantos nga Up-load rumpaka2 sunda,, ieu teh kalintang ageunng manfaatna..
Reblogged this on ajeng anggella sari and commented:
okee bangeet